1.
Dongeng nyaéta wangun karya sastra anu mangrupa carita dina basa
lancaran anu eusina ngandung unsur pamohalan (teu asup akal). Rupi-rupi dongeng
·
Fabel (dongeng anu nyaritakeun sasatoan)
·
Parabel (dongeng anu nyaritakeun kahirupan anu
umumna janten ciri hiji tempat)
·
(dongeng anu nyaritakeun sasatoan)
·
Myte (dongeng anu nyaritakeun halna mistis/gaib)
·
Sage (dongeng anu nyaritakeun kapahlawanan)
·
Sasakal (dongeng anu nyaritakeun asal muasal
tempat, barang, atawa tempat)
DONGENG
SAKADANG KUYA SILIH
DURUK JEUNG MAUNG
DINA hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing
handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku
genah, nepi ka nundutan.
Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong
tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.
“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari
ngadeukeutan Sakadang Kuya.
Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina
biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu
kaceluk tarik lumpatna.
“Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh.
“Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang
Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. “Ti kamari aing can
baranghakan. Lumayan kuya kolot ogé!”
“Sabar, Sakadang Maung, sabar,” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy,
“Lamun mémang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing
sorangan geus kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing téh
tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah jeung gurih, euweuh deui carana, uing
kudu diduruk heula.”
“Diduruk heula? Kumaha carana?” ceuk Sakadang Maung.
“Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.”
“Ari suluhna ti mana?”
“Ngala ka leuweung!”
“Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya!
Waktu aing ka leuweung néangan suluh, sia rék kabur! Aing moal bisa katipo
deuleu!” ceuk Sakadang Maung.
“Bisi anjeun teu percaya mah, pék tah talian awak uing, tuluy cangcang
kana tangkal!” témbal Sakadang Kuya.
“Heug atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung. Tuluy néangan areuy keur
nalian kuya. Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya téh ditalian. Tungtung
talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu
paménta Sakadang Kuya téh. Sanggeus yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit
ka leuweung rék ngala suluh.
Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang
dina keusik. Liangna kawilang jero ogé, gedéna sapaseun awakna. Tuluy manéhna
cicing dina luhureun éta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang.
Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak
Sakadang Kuya. Gur baé sukuh téh diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu téh,
kawantu suluh gararing. Sakeudeung ogé seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu
keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung téh, terus baé
mubus kana liang anu aya di handapeunana.
“Sakadang Kuya!” ceuk Sakadang Maung.
“Kuk!”
“Can paéh?”
“Encan, seuneuna kurang gedé.”
Suluhna ditambahan deui.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Can paéh kénéh?”
“Encan, anéh di dieu mah seuneu téh bet haneut!” témbal Sakadang Kuya.
Suluhna ditambahan deui.
“Sakadang Kuya!”
Sakadang Kuya teu némbalan.
“Ah, jigana ayeuna mah geus paéh Sakadang Kuya téh.”
Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koréh kana durukan,
néangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan.
Awakna jadi bodas ku lebu.
“Sakadang Kuya, geuning sia hirup kénéh?” ceul Sakadang Maung kacida
kagétna.
“Puguh ceuk uing gé tadi, seuneuna téh jadi haneut di lebah dieu mah!”
témbal Sakadang Kuya kalem.
“Baruk tiis nya?” ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak
Sakadang Kuya. “Jeung deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasép euy!”
Sakadang Kuya mésem. Pok ngomong, “Sakadang Maung hayang siga kuring?”
“Ih, puguh wé, ti baheula aing téh hayang boga kulit bodas. Meureun
bakal leuwih tegep, nya!”
“Tangtu wé atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas téh,
bakal leuwih gagah jeung kasép. Ayeuna ogé cacakan coréléng geus tegep.”
“Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna?” ceuk
Sakadang Maung, rada sopan ayeuna ngomongna téh, teu uang-aing teuing.
“Nya bisa atuh, asal daék diduruk wé siga uing tadi,” ceuk Sakadang
Kuya.
“Diduruk? Moal panas kitu?”
“Moal. Apan uing ogé henteu nanaon, malah kulit jadi bodas,” témbal
Sakadang Kuya. “Lamun arék, jung atuh néangan suluhna heula!”
Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala
suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh
gararing.
“Pék ngagolér di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!” ceuk
Sakadang Kuya.
Sakadang Maung ngagolér, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh
diseungeut. Jegur baé hurung, tangka ngabebela.
“Sakadang Maung!”
“Heuy!”
“Hirup kénéh?”
“Hirup, euy, ngan panas geuning!”
“Panas sotéh mimitina, engké mah moal geura.”
Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang
Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh?”
“Hirup euy, ngan panas,” témbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.
Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang
Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh?”
“Iup, han hanas heuy …,” Sakadang Maung némbal, sorana beuki teu
kadéngé baé.
Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok
ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh euy?”
Sakadang Maung teu némbalan.
“Lah, kawasna mah geus paéh Si Belang téh,” ceuk Sakadang Kuya.
Teu lila kadéngé sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak
Sakadang Maung baritu. Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk.
“Yakin geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu
sok ngahakanan sato laleutik,” ceuk Sakadang Kuya.
2.
Sajak nyaéta
sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan. Sajak henteu
kauger ku jumlah padalisan (baris, jajaran) dina sapadana, jumlah egang dina
unggal pada (bait) atawa sora tungtung dina unggal padalisan (jajaran) upama
rék nulis sajak kudu nangtukeun jejer milih kecap nu luyu, jeung maké basa nu
singget sarta jelas.
SAJAK
GUPAY LEMBUR
Ku: Nano S.
Gupay-gupay panineungan kiwari nembongan
deui
Basa rek ningalkeun lembur, rek miang
tolabul ilmi
Kacipta Ema jeung Bapa, gugay jajap
pangharepan
Di bandung muga sing jucung, gancang
mulang ka sarakan
Gupay-gupay panineungan kiwari nembongan
deui
Basa beus ninggalkeun stanplat, hae mah
puguh tibelat
Kacipta cisoca Ema, nu rambisak kingkin
sedih
Pileuleuyan dayeuh Garut, kapaksa urang
papisah
Munggaran hirup di Bandung
Beungeut lembur kapigandrung
Disusukan marak lauk
Balap ngojay ulin leutak
Luhur pasir peperangan
Hanaang ngala duwegan
Lalakon manjang di Bandung
Lembur ngan ukur galindeng
Duriat ngan dina lebaran
Betah ditempat ngumbara
Pageuh jeung adeg sawawa
Gupay-gupay panineungan kiwari nembongan
deui
Katingtrim hirup dilembur ngahariring
ngajak mulang
Kacipta Ema jeung Bapa, nelengnengkung
nimbang incu
Ngan hanjakal sagalana, nu di jugjug geus
teu aya
3.
Carpon
mangrupakeun karya sastra wangun lancaran atawa prosa. Carpon oge nyaéta
kajadian atawa sabagian tina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang kalayan
daria, puguh anu diteupikeun na karasa ayana hiji masalah, puguh tokoh atawa nu
ngalakonna bari ninggalkeun kesan keur nu maca. Contona carpon kanyaah kolot
CARPON
KANYAAH KOLOT
Da ari Abah mah, pun bapa, tara seueur cumarios ka palaputrana teh.
Estu duk cinungkul milari pakasaban kanggo ngahontal kawajiban salaku tetengger
kulawarga. Papagah ka putra nu opatan teh tara ku lisan, tapi langsung ku
prakna. Miwarang solat ku prakna nu teu kendat-kendat. Upami ningali polah
palaputrana nu teu sapagodos jeung ajen kaagamaan, seseringna sok miwarang
Emih, pun biang, sangkan ngadugikeun ka kuring sadulur-dulur. Kajeun nu rek
dipapagahanana aya peyuneun, eh Emih heula.
“Bejakeun ka Si Asep, ulah sok ulin wae. Maenya balik sakola wayah
kieu!” sauma. Harita kuring SMP keneh. Basa Abah nyarios ka Emih teh kuring
ngabanding gedengeunana.
Kilang kitu, abah teh
ageung pisan wibawana payuneun palaputrana mah. Eta we, mun aya diantara kuring
sadudulur nyieun kasalahan, nu pangdipikasieun ku sarerea teh dibenduan ku
Abah. Padahal sarerea ge can aya nu ngalaman diseuseukan ku Abah.
Inget we, hiji mangsa
mah memeh asup sakola kuring ngojay bari huhujanan di balong tatangga. Balik
teh bucis bari baju ledok ku letak. Abah ukur nyarios, “Ulah sok ngojay di
balong bari huhujanan, bisi gering!” saurna. Na atuda nepi ka kiwari, geus laki
rabi, berekah kuring mah teu bisa ngojay deui. Padahal harita ku Abah teu disentak
teu sing. Kitu deui basa suku kuring potong lantaran ragrag tina tangkal kai,
Abah teu seueur nyarios. Gura-giru nyandak kuring ka rumah sakit. Ngan
sakitu-kituna.
Kacida lobana kalakuan
kuring nu ngaripukeun ka Abah sareng ka Emih. Kapan kuring mah kungsi kajugak
ku gagajahan nepi ka dioperasi leungeun katuhu ge kungsi potong dua kali, ku
nalaktak-nalaktakna. Komo labuh tina motormah, geus teu kaitung. Basa kuring
tikusruk tina motor, abah ukur nyarios kieu, “Matak ge ari tumpak motor sik ati-ati,
ulah ngebut,” cenah. Peun weh.
Sainget kuring, abah
teh tara neyesep. Tapi saur Emih mah, samemeh kuring lahir, nyesep teh ngadatu
pisan. Ari rokona, nganggo pahpir Sok ngahaja ngagaleuh roko kretek, tara
saeutik, sok sabos. Tuluy diudar digalokeun jeung bako, kakara dilinting make
pahpir. Ka lanceuk-lanceuk sok ngomat-ngomatan ulah ngaroko. Komo ka kuringmah.
Ngan teuing kumaha, dina perkara nu hiji ieu mah kuring teh estuning norek
kacida, Ti SDkeneh kuring mah geus nyerebung. Kungsi katohyan ku Abah sareng
Emih. Ana pok teh, “leuh, bejakeun ka Si Asep, ulah sok ngaroko kituh.” Saurna
ka Emih. Ka kuring mah teu ngareret-reret acan.
Ari Emih, bet sabalikna
ti Abah. Cawehwer saban geureuh. Mun hudang kabeurangan teh, langsung ngagerewek,
“Geura hudang! Solat kaituh! Hayang ka Naraka!” cenah.
Emih mah sasauran kitu
teh jiga nu taya kabosen. Satutasna kuring laki-rabi ge, mun uningaeun teu
solat, sok tuluy ngagebes.”Ari maneh Asep, ngedul pisan kana solat teh! Keur
naon duk cinukul neangan duit maraban anak pamajikan tapi cul kana ibadah.
Euwuh hartina!” cenah. Tara cukup ku sakitu, da sok tuluy ngagelendut
mapagahan.
Basa putuna ti kuring
lahir. Abah katarajang darah tinggi nu cenah nyaliara kana jajantung. Sabelas
bulan diganggayong kasakit, antuk na Abah kasoran. Dipundut Ku Nu Kagungan basa
nuju dirawat di rumah sakit. Harita kuring teu nungkulan. Aya amanatna nu
didugikeun ku Emih. Saurna, kuring kudu jadi pagawe negri.
Cenah basa di rumah
sakit teh ngan wungkul nyarioskeun kuring. Pangpangna mah kabedegongan kuring
pedah aktip di partey pulitik anu teu sapagodos jeung pamarentahan Orde Baru.
Harita kuring sababaraha kali dipanggil ku aparat. Estuning matak ngaruntagkeun
manah Abah sareng Emih wungkul. Najan kitu, bubuhan ka putra meureun, dina
pemilu nu pamungkas kanggo Abah, anjeunna teu wudu nyolok gambar partey kuring.
Kitu deui emih. Malah emih mah make jeung sok ngiring ngilungan sagala rupa.
Majar teh, Alhamdullilah Si Asep mah ti parteyna meunang gaji nu lumayan. Mun
ngobrol jeung tatangga eta teh. Buruk-buruk papan jati, ka putra mah jigana teh
teu weleh nyaah najan sakumaha basangkalna ge.
Tangtu wae kuring
sedih, kabina-bina malah. Nepi ka ragrag cipanon. Bari ramisak teh hatemah tuluy
ngocoblak nyarekan diri sorangan nu can bisa mulan gtarima ka Abah. Nyeri hate
teh, nyeri pisan. Nepi ka asa nyanyautan.
Jasa-jasa Abah salila
ngadengekeun kuring, ngadadak tingjungkiring dina kongkolak panon. Kuring
ngarasa, sanajan sakabeh banda ditamplokeun atawa salaksa du’a dikirimkeun
sangkan Abah kenging pangampura ti Nu Maha Kawasa, asana moal saimbang jeung
jasa Abah.
Sadikantunkeunana ku
Abah, Emih kaciri leungiteunana teh. Emih teh tangtos leugiteun ku batur
pakumaha, lian ti leungiteun ku anu ngabayuan teh. Harita Emih tuluy dadangan,
keur nalang-nalang waragad sapopoe. Kituna teh jigana lain pedah melang ku
beuteung sorangan, tapi pangpangnamah ku kuring. Harita kuring can boga cabak
nu matuh. Hirup can dumuk jeung aturan. Baju asal rap, buuk gondrong tara
ngambeu sisir, mun geus kaluar ti imah tara inget kana balik.
Remen kuring manggihan
Emih ngembeng cisoca. Komo mun ningali si cikal, anak kuring, anu keur
meumeujeuhna samar kahayang heug tara kacumponan, cisoca Emih langsung murubut.
“Emih mah mun ningal
budak maneh,… lah kahayangmah gede. Mun kaduga mah hayang bisa mere siga batur.
Tapi da kumaha geunging Emih maneh mah teu bisa nanaon,” cenah. Soantenna
dareuda.
Mun geus kitu teh biwir
sok ngadadak ada dikonci. Teu bisa nyarita sanajan hate mah ngocoblak salaksa
basa. Teu kuat nahan rasa. Biasana kuring sok tuluy lunya, ngabeberah rasa,
nuturkeun indung suku ka mana leosna.
Ku pantengna du’a
indung, kuring bisa mukakeun lawang kahirupan. Lalakon diri pinanggih jeung
harepan indung. Tina aktivis partey nu teu puguh tuturkeuneun kulawarga, kuring
pinanggih jeung kasab nu loyog jeung hate. Emih kacida gumbirana basa uningaeun
putra bungsuna nu teu weleh jadi kembang kahariwang teh, pinareungan
kekolomkeun ka golongan jalma jeneng. Kabingah Emih lain pedah ngahareupkeun
pamulang tarima ti nu jadi anak, tapi gegedena mah pedah kuring geus bisa
ngabayuan kulawarga tina ladang kesang sorangan.
Naha Emih nyuhunkeun
sakecret dunya? Saperak ge henteu. Pokna ge, “Emih mah moal menta dunya barana
ngan rek mihape nu sarupa, kade ulah poho kana temah wadi. Sing inget isuk
jaganing geto maneh rek mulang ka kalanggengan. Nu poko, ulah poho kana ibadah.
Taya hartina dudunya bari jeung teu dibarengan ku ibadah mah, moal barokah!”
nyariosna angger.
Ceuk sareatmah Emih teh
tos teu kedah tihothat milari pakasaban, kawantu kuring geus kasebut nyeunghap.
Tapi da indung anu taya tungtung kahemanna, indung nu hamo laas kanyaahna,
indung nu moal beakeun kanyaahna, indung nu lain ngan saukur mikiran kuring.
Tapi oge lanceuk-lanceuk jeung alo kuring anu hirupna jauh keneh tina walagri
mun disawang tina jihad ekonomi mah.
Indung… indung …nu ngandung
mirosea pinuh kaheman
bodas nyacas kanyaahna
indung…indung…nu wungkul ripuh
diriripuh anak sapanjang lalakon umur
nu ridho teu dihayap anak
nu angger heman najan ditambelarkeun
dina hate indung,
anak bagja pinuh kasuka, entong keur indung
anak gumbira pinuh kabagja, entong keur indung.
“Mani anteng kitu euy, keur naon?” Nano batur sakantor kuring ngagebah
lamunan. Baricungar-cengir teh heug ngalego kana catetan hareupeun kuring.
“Anjir… nulis puisi. Puisi cinta nya?” cenah ngagonjak.
“Puisi cinta… piraku
puisi cinta aya kecap indungan?” cekeng teh baringajembrengkeun keretas meunang
nulisan tea hereupeun irungna. Nano kalah ngabarakatak.
“Aya naon yeuh, mani
barungah kitu?” Si Diuh ngelol tina panto, tuluy nyampeurkeun.
“Ieu, nu keur diajar
jadi panyajak. Mani huleng-jentul ti isuk, kakara meunang dua rengkol,” Nano nu
nembalan teh.
“Teuing ku Naon ti
kamari ngan inget wae ka Emih. Ka Abah deuih ketah. Padahal Abah mah tos lami
ngantunkeunana…” cekeng teh ngabela diri, pedah Si Diuh melongna jiga nu nempo
mahluk aneh.
“Teu damang Emihna?”
Nano jiga nu ngadak-ngadak milu prihatin.
“Henteu. Mun teu damang
mah aya nu ngabejaan atuh,” kuring gideug.
“Perbawa tos lebaran
meureun. Biasa sok rus-ras kana dosa,” Bah Idrus nu kakra datang tuluy
ngengklokan bae.
“Enya jigana Bah. Biasa
sentimentil anak nu geus ditinggalkeun ku kolotna. Untung we kolot kuring mah
lengkep keneh,” Si Diuh diuk bari edeg. Geus kitu tuman-na.
“Ari eta kaset naon,
Bah?” cengkeh teh bari ngareret kana keupeulan Bah Idrus.
“ Ah, kaset Cianjuran.
Moal resep Pa Asep mah…”
“Saur saha? Resep
abdige. Komo jaman aya Abah mah, sok nyetel Cianjuran bae di imah teh ..”
tembal teh rikat.
“Sugan teh kana Iwan
Fals wungkul. Sok atuh urang setel ari resep mah. Kabeneran aya lagu kanyaah
kolot. Ngenaheun geura,” Bah idrus muru tip na luhur bupet di juru. Teu lila
rohangan nu kaitung lega teh geus pinuh ku sora tembang Cianjuran.
Pek tamplokeun kanyaah
ka indung bapa
Meungpeung masih keneh
jisimna juntrung
Mun indung geus ditulis
di padung
Mun bapa geus taya raga
badagna
Kaduhung teu manggih
tungtung
Cimata teubis mayar
tunggara
Kanyaah ka indung ulah
ditunda engke
Mulang kaasih ka bapa
entong talangke
Taya nu weruh iraha
indung dipundut
Moal aya beja iraha
bapa rek mulang
Regepkeun sing pageuh
hate
Larapkeun sing
hade-hade
…………
Sora telepon ngadenger
gigireun, megatkeun kanimatan ngaleyepan eusining tembang. Nano rikat ngangkat
telepon, sedeng Si Abah geuwat ngarongkong kana tip.
“Ulah dipareuman,
alitan we,” kuring geuwat ngahuit.
“Kanggo Bapa Asep,
telepon ti bumi…
“Nano ngasongkeun
telepon bari popoyongkodan. Ocon.
Bari hoream ge teu
burung ditampanan.
“Aya naon?” cekeng teh
ka pamajikan ti tungtung ditu.
Sora nu ngingsreuk,
ditungtung ku sora nu pegat-pegat.
Sajongjonan kuring ukur
bisa ngahuleng. Gagang telepon nu nepel kana ceuli, karasa tiis cambewek. Tapi
sora nu ngamalir ti jerona, lir gumuruhna caah dengdeng nu ngaruntagkeun
angen-angen. Tetenjoan asa nadadak ranyay. Karasa aya nu ngadudut jajantung,
geus kitu jeroeun dada simpe. Simpe anu parat kana hate. Hawar-hawar jentreng
kacapi nyaliara saurat-urat… kanyaah ka indung ulah ditunda engke, mulang
kaasih ka bapa entong talangke…
Ras kana pesenan Emih
nu can kacumponan. Memeh lebaran pokna mah. Palay sarung nu jiga nu dipake ku
tatangga. Sarung Jawa. Ku kuring teu dibaekeun. Geuwat pesen ka Si Emas,
babaturan kantor, nu harita rek mulang ka Jawa. Teu kagok, pesen teh tujuh
sakalian.
“Pa, aya naon Pa?”
karasa Si Diuh ngageubig-geubig awak.
“Ku naon Euy?” sora
Nano siga nu hariwangeun pisan. Sora tembang Cianjuran geus leungit sapisan.
Kuring neuteup nu
tiluan. Maranehna keur marelong mani anteb siga nu nungguan engabna biwir
kuring.
“Ari Si Emas geus
datang?” pok teh.
Nano kaciri anu
ngarenghap.
“Sugan teh aya naon.
Encan, cenah mah rek minggu hareup,” tambalna.
Awak karasa beuki
lungse. Aya nu merebey maseuhan pipi. Biwir ngagarencem lalaunan, “innalillahi
wainna ilahi rojiun…”
“Saha? Si Emas?” Nano molohok.
“Emih …”
Nu tiluan ngadadak jadi
arca. Ngajengjen teu ngiceup-ngiceup.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar